Silat Ciaaaatt….


Tos lami henteu nyerat deui sabada paciweuh ku kuliah. Ayeuna mijil deui hoyong ngacapruk, bédana ayeuna mah ku basa Sunda. Itung-itung ngaraheutkeun skill nulis ku basa Sunda, piraku atu mahasiswa jurusan Sunda teu tiasa nulis ku basa Sunda. Tapi da teu gampang loba hahalangana, aya waé bangbaluh mun badé nulis téh pangpangna mah horéam éta. Hehe.

Emang bener sih nulis ogé kaasup kaparigelan matak peryogi pisan di asah carana nya ku latian. Urang ogé henteu ngan saukur bisa ngomong ku Sunda baé tapi ogé kudu punjul dina nulis. Urang Sunda kudu bisa ngabuktikeun yén urang ogé punjul dina atikan jeung pangaweruh. Kapan tos aya buktosna ogé dina naskah sanghyang Siksakandang Karesian, naskah éta téh ngabuktoskeun yén urang Sunda medalkeun hiji karya tinulis pang hebeul na ti Jawa. Tapi mun katempo ka ayeunakeun urang Sunda téh kalakah teu katingal.

Tah, wangsul ka topik. Sabenerna loba kénéh picaritaeun nu saé na mah kudu di tulis. Carita boboran kamari di lembur seeur pisan anu matak pikaseurieun tapi da bakal kurang ramé mun dicaritakeun kucara tinulis kieu kusabab kuring nu nulisna.hehe. Ditambah ogé kuring bingung rék timana mimitian nulisna.

Duka ngimpen naon kuring ayeuna jadi milu kagiatan silat di kampus. Kamari téh munggaran kuring latian. Saumur-umur kuring can pernah miluan nu ngeunaan silat, matak pas latian téh hayang seuri waé. Komo anu matak pikaseurieun mah ningal si Eka latian silat siga nu rék ngibing jeung nge-dance 😀 meuni karaku éta téh, mereun teu biasa ogé ningal manéhna nyilat jadi wéh hayang seuri waé. Hehe.

Jujur wéh kuring teu aya niat atawa kereteg asup di dunya persilatan tapi duka kunaon ujug-ujug jol asup jadi anggota. Mereun awalna téh diajak ku si Eka, tuluy silat ogé kapan masih kénéh budaya Sunda nya teu nanaon lah itung-itung ngeusi waktu lowong ngarah gaul tibatan nambru di kostan. Mimitina mah si Eka téh ngajakna asup karate tapi pas hari H na rék daftar téh kalakah ngedrop. Jadi wéh aya usul asup ka silat waé, sanaos sami waé diajar bela diri éta téh masih aya unsur kasundaanana tuluy pastina bakal saluyu jeung garapan urang.

Kamari latian téh cingcin kuring leungit. Kapan kamari téh latian najong jeung ninju, basa keur ninju panangan téh asa nyeuri nya heeuh saur pangaping téh da ngangge cingcin. Tuluy wéh éta cingcin kuring lesotkeun diasupkeun ka pésak training. Pas réngsé latian kuring nyadar teu aya cingcin di pesak téh. Reuwas wéh, sadayana jadi ngabantuan néangan éta cingcin. Teu pira sih ngan cingcin pérak tapi da cingcin éta téh paméré ti mamah. Tapi untungna kapanggih ogé éta cingcin ku si tétéh. Alhamdulillah. \(´`)/