SI KABAYAN NGALA NANGKA


Jaman baheula, di hiji lembur, aya hijikulawarga anu dikenal ku masarakat, nya éta kaluarga si Kabayan. Si kabayan téh cicingna jeung mitohana lantaran can bogaeun imah. Dina hiji poé, si kabayan téh keur ngalamu mikiran nyi Iteung anu geulis pisan. Tapi manéhna téh kaganggu kusabab mitohana ngageroan si kabayan anu keur diuk dihandapeun tatangkalan, “Kabayan… kabayan kadieu.” Ceuk mitohana. Éta nangka téhdi kebon geura ala… ceuk si Arnasan nangka di kebon téh geus karolot jeung jigana mah geus arasak deuih. Mitohana ngabéjaan si kabayan. “Mangga atuh bah… tapi sim kuring badé neda heula, ngarah jagjag!” tembal si kabayan. “Heeuh…jung atuh.”

Nepi ka kebon, si kabayan téh ulak-ilik néangan tangkal nangka. “Mana nya tangkal nangka téh?”. Bari ningali ka luhur. “Tah éta tangkal nangkana… garede deuih nangkana.” Ceuk si kabayan. “Aya hiji… dua…. tilu…. opat… eh geuning aya lima deuih.” Bungah si kabayan. Sanggeus kitu, si kabayan téh térékél naék, tuluy nangka téh di kepluk kepluk ku bedog. “Alhamdulillah nangka téh arasak kabéh, hmmmm seungit pisan ieu nangka téh, bener nu dibéjaan ku abah nangka téh geus arasak.” Si kabayan ngomong sorangan.

Sanggeus nangka dikepluk-kepluk, nangka téh diragragkeun ku si kabayan. “Blug.. blug… blug…” nangka téh maruragan, si kabayan turun, tuluy nangka téh dikumpulkeun dihandapeun tangkalna bari jeung susah payah kusabab nangka téh galedé kabéh. “Aduh beurat pisan euy…”. si kabayan ngangkat nangka anu baradag. “aduuuuh…”. si kabayan téh nyeri cangkéng. “Duh… kumaha ieu téh mawana? Nangka téh salima-lima, galedé deuih.”

Si kabayan téh kabingungan. “aeeh… heeuuh…pan di belah ditu téh aya walungan, anu brasna ka sisi imah… ahh urang palidkeun waé, engké ogé nepi. Hiji-hiji nangka téh di gorolongkeun kana walungan. Tuluy nangka téh digujibar-gujubarkeun kana walungan, bari pokna “Jung…manéh baralik tiheula, engké ereun disisi imah… engké kuring nuturkeun pandeuri.” Ceuk si kabayan ka nangka. Tuluy si kabayan balik bari hariringan, “Durirang durirang…. durang durariing…..”.

Nepi ka imah si kabayan téh ditanya ku mitohana. “Kabayan… kabayan mana nangka téh geuning manéh balik lengoh?”. “Haarrr ari abah… pan nangka téh geus baralik tiheula ka dieu, can balik kitu? Pan ku kuring dipalid-palidkeun kana walungan… piraku teu ngalarti, da nangkana ogé geus karolot ieu atuh bah.” Tembal si kabayan. “Heeh dasar borokokok.” Ceuk mitohana bari ambeuk pisan, bari ngajiwir ceuli si kabayan. “Aduuuh nyeuri bah ampun..” si kabayan pupuringisan kusabab ceulina di jiwir ku mitohana.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s